Senin, 26 Desember 2011

sundanis

SAJARAH, KALUNGGUHAN JEUNG FUNGSI BASA SUNDA

2.1. Asal-usul Kecap Sunda
            Basa sunda teh nya eta basa indung (mothertongue  first language) urang sunda anu di pake keneh ku masyarakatna, boh di tatar sunda boh luareun tatar sunda kayaning Madura, Magelang, Dayeuhluhur jeung manggung (Jawa Tengah). Kecap sunda teh asalna tina basa Hindu (India), taya bedana jeung ngaran tempat-tempat sejena di Indonesia kayaning Bali, Banten, Bima, Madura, Sumatra jeung Sumbawa.

A.    Basa Sansekerta
1.      Ngaran DewaWisnu = ngaran buta anakna Nikumba ; ngaran hiji monyet.
2.      Sunda jangkar kecapna sunda hartina caang ; moncorong.
3.      Nurutkeun hipotesis Prof. Berg, sunda teh asalna tina euddha, hartina ‘bodas’ nyaeta rupa gunung sunda disawang ti kajauhan nu dihapit kugunung Burangrang jeung gunung Tangkubanparahu.

B.     Basa Kawi (Jawa Buhun)
Istilah sunda hartina cai, pangkat, tumpukan, waspada.

C.    Basa Jawa
Istilah Sunda hartina numpuk, nyusun, ngarangkep, tuda, tumpukan, susunan, panundaan.

D. Basa Sunda                                                        
Dina basa sunda buhun, kecap sunda teh dieceskeun kieu:
  1. Sa-unda, satunda hartina nunda, panundaan.
  2. Sonda hartina alus, payu, punjul, senang, sugema.
  3. Sundora hartina geulis, kasep, pangkasepna.
  4. Sunda hartina ‘endah’ kukituna dipake ngaran salah sahiji prameswari Prabu Siliwangi nya eta Mantri Manik Mayang Sunda. Dina carita pantun nyai Kentring Manik Mayang Sunda.
  5. Dipake ngaran Walungan kiduleun dayeuh Bandung, di Ciwidwy nya eta Cisondari; jeung
  6. Sunda hartina punjul tur alus minangka gambaran tanah sunda anu dipikareuseupeun.


2.2. Sajarah Basa Sunda Mangsa Bihari (memeh taun 1600 Masehi).
            Ciri basa sunda mangsa ieu, umumna nembongkeun taat susunan kosmos Buhun, pangaruh animisme/dinamisme heung agama Hindu. Leuwih deukeut kana basa sanksakerta jeung aksara Pallawa.
            Bukti-bukti kapanggih tina naskah-naskah buhun, prassati batu tulis jeung sastra lisan.
            Basa Sunda memeh taun 1600 M boga pancen jadi basa nagar di karajaan Salakanagara. Tarumanagara, sunda, Galuh, Kawali jeung Pajajaran.
            Karajaan Salakanagara ngadeg (kurang leuwih taun 130-362) di daerah Pandeglang ayeuna. Puseur dayeuhan Rajatapura. Rajan anu mimiti Parbu Darmalikapala Dewawarman Haji Raksagapurasagara, ari anu pamungkas jeung Prameswarina Rani Spatikarnawarmandewi. Ieu katerangan teh kapanggih tina naskah buhun Rajya-rajya ibhuni Nusantara, Parwa V sargah, kaca 55 jeung naskah nagara Kretabhumi, anu disusun ku apingan Pangeran Wangsakerta di Cirebon (Atja, 194:14).
            Salakanagara rungkad disambung ku Tarumanagara (358-669M) rajana nu munggaran Jayasingawarman (minantu Dewawarman VIII) nu pamungkas Linggawarman.
            Aya sawatara batu tulis ku aksaras Palawa(wenggi) dina basa sanksakerta mingangka titinggal Purnawarman (raja Taruma III) kayaning parsasti Ciaruten, Jambu, Kebon Kopi, Cidangiang, jeung Tugu.
            Satuluyna muncul karajaan Galuh / Kendan (536-568) rajana nu mimiti Manikmaya (minantu raja trauma VII) anu pamungkas Linggabumi nu gugur dibubat.
            Galuh runtag, muncul karajaan Sunda (669-1311 m) rajana numimiti Tarusbaya (minantu raja Taruma XII) ari anu pamungkas Citraganda.
            Puseur dayeuh Karajaan sunda pindah ka Kawali (1311-1482) raja numimiti Linggadewata, ari nu pamungkas Ningrat Kancana (Dewa Niskala), raja nu kawentar mangsa Kawali nyaeta Niskal Wastu Kencana nu ninggalkeun prasasti Astana gede.
            Sabada Sri Baduga Maharaja (prabu Sliwangi) naek tahta poseur dayeuh pindah ka Bogor, sarta robah ngarana jadi Pakuan Pajajaran. Ari ngaran karatona nyaeta “Sri Buna Untayana Madura Suradipati” raja nu pamungkas nyaeta Ragamulya Suryakancana.
            Basa sunda alam harita geus dipake dina widang kanagaraan, kaagamaan, kasenian jeung kahrupan sapopoe. Tumali jeung kaagaman, loba kiotab suci anu ditulis ku basa Sunda kayaning: Darmasiksa, Sikakandang karesian, Pasukpata, Kadenaan, Mahaprawita, Siksaguru, Dasasila, Pancasiksa ,jst.
            Dian widang kasusastraan, urang sunda wanoh kana carita saperti Kunjakarna, Babakcatra, Ciungwanara, Prabu Sliwangi, carita Parahiyangan jeung carita Ratu Pakuan.


2.3. Sajarah Basa Sunda Mangsa taun 1600-1800 M
            Pajajaran runtag taun 1579 dirurug ku balad Islam ti Banten. Harita daerah Pajajaran nungtut ragrag ka balad Islam, sapertio : Banten girang (1526) Sunda Kalapa jeung Cirebon (1552-1813). Saterusna muncul karajaan anyar saperti Mataram (1559) Ukur (1624). Cianjur jeung Cirebon (1619) sarta Sumedang larang (1620)
            Basa Sunda mangsa ieu terus dipake dina kahirupan masyarakat tapi kandaga kecapna loba kapangaruhan ku bahasa Arab jeung Jawa. Basa Arab hirup dilingkungan pasantren, basa Jawa hirup di lingkungan sakola jeung padaleman, ari basa Sunda dipake dinakahirupan masarakat padesaan. Undak-unduk basa, waktu harita dianggap basa hormat, basa sakola jeung basa mewah.
            Kabudayaan Sunda mangsa ieu ngandung kapercayaan anu didasaran ku kaimanan Islam, tapi pacampur jeung kapercayaan anu geus aya sipatna religius, magis, jeung dinamis. Karya sastra lolobana dianggit winangun dangding (pupuh).

2.4. Sajarah Basa Sunda Mangsa Taun 1800-1900 Masehi
            Ti taun 1800 M. bangsa urang ngalaman rupa-rupa pangjajah. Sapanjang gunta-ganti pamarentahan teh, nyorang gunta-ganti aturan. Kakara dina taun 1871 eta kakawasaan teh ngurangan sabada paregen (bupati) dijadikeun amtenar (pagawe nagri).
            Kontrak antara masarakat Sunda jeung urang Eropa anu ngaliwatan parabupati jeung pagawe walanda gede pisaan pangaruhna kana kemekaran basa Sunda. Malah beuki deui beuki intensif ngaliwatan sakola-sakola anu nepi ka taun 1879 di Jawa Barat aya 64 sakola rarancang pangajarananna diantarana bae ngawengku: maca, nulis, paramasastra, sunda, Jawa jeung malayu.
Mangsa ieu mangrupa awal parobahan kalayan masarakat Sunda. Basa sunda anu ratusan taun babarengan jeung basa Jawa, mimiti dipake deui dina basa tulisan. Loba buku anu ditulis dina basa Sunda make aksara laten.
            Dina mangsa ieu, basa Sunda mimiti meunang paniten, pangpangna ti bangsa deungeun pikeun kaperluan studina. Upamana bae Raffles dina bukuna History of Java. Urang Sunda oge henteu tinggaleun nyusun kamus, saperti nu dipilampah ku Dalem Pancainti jeung Rd. Kartawinata. Ayana eta kmus netelakeun yen basa Sunda dina mangsa harita geus dipake ku masrakat sunda. Malah basa sunda miboga  dialek-dialek saperti nu diebrehkeun ku Meyer.
            Tumali jeung karya sastra anu gelarna dina mangsa ieu, parapanulis leuwih museur kana karya sastra sajarah, upamana wae; sajarah Bogor, Babad galuh Imbanagara, babad Panjalu, Carios Prabu Kancana, Sajarah Cikundul, jst. Sastra anu gelar mangsa ieu loba kapangaruhan ku sastra Arab jeung jawa. Wanguna manrupa babad, guguritan jeung syair.


2.5. Sajarah Basa Sunda taun 1900-1945 Masehi 
            Mangsa ieu muncul rupa-rupa pergerakan nasional pikeun ngalawan panjajah. Basa Sunda terus dipake, tapi kulantaran jepang teh musuh walanda, urang sunda anu marake basa Sunda campur walanda diwajibkeun make basa Malayui, jadi urang Saunda jaba ti make basa Sunda nya make basa Malayu (Indonesia)
            Karya sastra anu geular manhgsa ieu kawilang ceuyah. Muncul rupa-rupa novel saperti : Baruang Kanu Ngarora, (Ardiwinata,1914), Agan Permas (Yuhana,1926), Manti Jero (R. Memed Sastrahadiprawira,1928), jst.
            Muncul deui rupa-rupa naskah drama sapereti Lutung Kasarung, Sekar Pakuan,jst. Tradisi samemehna oge teru gumelar, saperti: wawacan, jeung guguritan, sarta ahirna muncul wangunan anyar saperti carita pondok jeung sajak.
            Panalungtik basa Sunda beuki loba boh urang deungeun boh urang Sundana. Upaman buku Elmoening Basa Sunda (Ardiwinata,1916), Soendaneesche Sprakunct (Coolisma,1904) Panjungsi Basa (Soeria di Raya),jst.
            Kamus-kamus saperti: Soendaneesch Holandsch Woordenbook (Coolsna,1913), Kamus Basa Sunda Malayu, Kamus Sunda-Indonesia, Kanus Indonesia – sunda (Satjadibrata,1913-1970) dina Poesaka Sunda (1926-1927) dikumpulkeun rupa-rupa dialek: Bogor, Bungbulang, Cilacap, Cirebon, Jatiwangi, Karawang, Kuningan, Luragung, Menes, Sumedang, jst.
             Nepi kadatangna Jepang (perang dunia II) basa Sunda terus dipake dina widang atikan jeung kabudayaan. Mangsa ieu urang Sunda geus meunang pangaruh atikan, pangajaran , jeung kabudayaan kulon, Basa Sunda pacampur jeung basa Arab,jawa, Malayu, katut basa Walanda.
            Dina mangsa ieu geus mimiti medal pustaka mangsa kayaning Papaes Nonoman (1915) Pasoendan (1917), Padjadajaran (1918), Siliwangi (1918), Poesaka Sunda(1923), jst.

2.6. Sajarah Basa Sunda Mangsa Kiwari (1945-ayeuna)
            Tradisi Kalawarta dina mangsa ieu beuki mahabu kayaning Lingga(1950), Madan Basa Sunda(1950) ,Warga (1951) Sunda(1952) Sawawa(1954) Tjandra(1957) jeung rea-rea deui. Kabeh dieunakeun muncul sababaraha media di antarana: Galura, Giwangkara, Kania, Katumbiri, cakakak, jst. Dina eta majalah baris kasaksen kumaha kahirupan kabudayaan basa jeung sastra Sunda.
             Dina tuan 1952 diayakeun komperensi ngeunaan basa Sunda anu ngahasilkeun Lembaga Basa Sastra  Sunda (LBSS). Ieu lembaga kapapancenan pikeun miara, nagmumule, jeung  mekarkeun basa katut sastra Sunda. Garapan anu kungsi dilaksanakeun diantarana bae ngayakeun Kongres Basa Sunda I (1954) , II (1956), III (1958) jeung ka IV (1961) medalkeun majalah Kalawarta, nyusun buku-buku pangajaran basa sunda, sarta medlkeun deui kamus Umum basa Sunda.
            Dina mangsa ieu muncul rupa-rupa buku, kamus, sarta hasil panlungtikan, upamana: Pamelaran Basa(Adiwijaya jeung Sumapraja): Adegan Basa Sunda (Adiwijaya,1951) Kamus –kamus karya Stjadibrata; kamus Sunda Indonesia (1946) kamus Basa Sunda (1948) Kamus Leutik Indonesia Sunda jeung Sunda-indonesia (1952) seri Kandaga (bacaan,tatabasa, tatakalimah, bahan Pangajaran, kasusastraan karya M.A Salmun, R. Momon Wirakusumah, jeung H.I Buldan Jayawiguna. Tatabasa Sunda (Faturohman,1982), Panggelar basa (Prawirasumantri, SPk,1984) jst.
            Hasil-hasil panalungtikan anu geularna sabada merdeka, di antarana mangrupa skripsi para mahasiswa jurusan Sunda IKIP jeung UNPAD nu diluluguan ku pusat pembinaan dan pengembangan Bahasa kayaning: Struktur Bahasa Sunda Dialek Priangan(Sutawijaya,1976), Morfologi Kata(Prawirasumantri,1984) Kata Tugas Bahasa Sunda(Mulyono,1981), jst.
            Pikeun miara jeung ngamumule sarta mekarkeun basa sunda, diadegkeun proyek-proyek kayaning: Proyek Penelitian Bahasa dan Sastra Indonesia dan Daerah Jawa Barat,Proyek Peneletian pantun dan Folklore Sunda, Proyek Penunjang Peningkatan Kebudayaan nasional, Proyek Transkripsi Naskah sunda, jst.
            Rupa-rupa kagiatan anu patali jeung basa Sunda kayaning: sawala ilmiah,seminar,panataran,jst. Terus dilaksanakeun anu puncakna Kongres Basa Sunda di Cipayung Bogor. Hasilna mangrupa putusan perluna basa Sunda dina rupaning kagiatan kabudayaan jeung aspek-aspek pakumbuhan urang sunda.

2.7. Kalungguhan jeung Fungsi Basa Sunda
            Kalungguhan basa sunda nyaeta status relative basa sunda salaku sistem lambang ajen inajen budaya anu dipatalikeun jeung kamampuh basa Sunda dumasar kana ajen inajen masarakat sunda.
            Fungsina basa Sunda nya eta dina ngunakeun basa sunda nu ngabogaan kalungguhan anu tangtu.
Patali jeungkalungguhan jadi bahasa nagara, alam harita mibanda fungsi :
  1. Basa resmi kanagaraan.
  2. Basa resmi dina ngalkasanakeun pangwangunan jeung pamrentahan.
  3. Basa nu dipake miara jeung mekarkeun budaya alam harita, jeung
  4. Basa panganteur (resmi) di paguron-paguron harita.
            Kiwari basa sunda boga kalungguhan jadi basa daerah, ieu the luyu jeung UUD 45 bab XV penjelasan pasal 36 yen wewengkon-wewengkon anu mibanda keneh basa daerah saperti, Suda, Jawa, Bali, jeung madura , anu dipiara tur diajenan ku nagara. Ari sababna eta basa-basa the mangrupa salah sahiji unsure kabudayaan nasional.
            Luyu jeung kalungguhan basa sunda jadi basa daerah sakumaha nu dicindekeun dina seminar Politik Bahasa Nasional mibanda fungsi:
  1. Lambang kareueus daerah.
  2. Lambang identitas daerah
  3. Pakakas gaul dilingkungan kulawarga, jeung masarakat daerah.
  4. Basa panganteur di Sakola Dasar timimiti kelas 1 nepi ka kelas III
  5. Pangrojong basa nasional
  6. Pangrojong jeung pamekar kabudayaan nasional




Tidak ada komentar:

Posting Komentar